MC
PERNIKAHAN
بسم
الله الرحمن الرحيم
Kembang
malati jatining puji anu sajati ker saning Alloh anu Maha Suci, kembang gadung
rasa Syukur anu gumulung dina jajantung ker saning Alloh anu Maha Agung,
kembang campaka ungkapan puja urang sanggaken ka Alloh anu Maha Wisesa tur gagah
perkasa
Sholawat
sareung Salam mugia dikocor golontorken ka insan pinilih anu pangkawentarna di
antera manusia sadunya buktina Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Para
sepuh lelencer turus turunan, para pupuhu payung iye nagara, saderek kadang
mitra sadaya anu ku pribados dipihormat
Tutut
gunung keong reuma sumangga gera
caralik .
Cunduk
waktu nu rahayu ninggang mangsa anu waluya acara mimiti dipeuteumbeuyan, lalangse
pananya hate ayena urang singranyken, gesan mapag balebat ti belah wetan, rek
berlayar tarik jangkar mapag jalan anu ngembat taya simpangan, nanging memeh
kebatna lumampah ranggeuyan acara urang sebatan :
-munggaran pembukaan.
-anu
kadua aosan ayat suci AL-QUR'AN di lajeng ku maos sholawat.
-anu
ka tilu seren/ sambutan bakal panganten di lajeng ku panam pian.
-anu
ka opat akad tikah di susul ku hormat.
-anu
kalima do'a/ tutup kalayan acara di papas pungkas.
Sumangga
acara urang sami-sami guluyurkeun.
Komentar aosan al-qur'an:
Hadirin
kadang mitra sadaya, mun berlayar tanpa kemudi palang siang katambias, mun
hirup tanpa kadali palang siang bakal sesah, poekeun jalan, leungiteun udagan,
ngan bagja keur sakumna umat islam hirupna teh boga padoman sareng gaduh
lelencer buktosna AL-QUR'AN.
Bisi
lempang pareng sasab, mun berlayar katambias rampang reumpeung poekeun jalan
sorengen. saena bae Alloh mah maha bageran tos masihan bener keur pamuntangan
sangkan manah janteun ca'ang giligah ku ka tentreman kalayan maksad ibadah
sumangga urang sami sami rungukeun aosan ayat suci Al-Qur'an, ka saderek/pangersa
anu mancen tugas di haturanan.
Komentar
: galindeng kalam Ilahi lebet mungkas kana sanubari sumarambah kana manah nyaliara
minuhan salira. sok komo ngartos kana ma'nana, cacakaan dirarampa geuning nikmat karaosna .
Deudeul
pidu'a kanu Maha Suci mugia ageng manfa'atna utami kanu maosna miwah urang
sadayana
Amin
ya Robal ‘alamin
Komentar
seren bakal pangaanten :
Selenting
bawanig angin kolepat bawaning kilat ,beja aya jajaka rek nyaba rek ngungsi pasini
janji rek ngaguar subaya anu katunda, brul nggimbung ,bral ngabantay, legedet
aletan nana, ngalet ngengkey ngabandalet ngembat-ngembat, gurat badag pasejaan
parantos kataroh nanging wincikan pangesi ati gura kandungan manah etamah te acan
kataroh, gesan ngabenyeur beaskenana sumangga kawawakil tipara tatamu di
haturanan
Komentar
nampi panganten:
Hadirin
kadang mitra sadayana anu ku pribados dipihormat. sakitu pisaur sesepuh wawakil
ti para tamu di guar paragat nembrak sihoreng mana horeng kena kana paripaos :
''caang
bulan ambil-ambilan turuktuk hayam kamatu''
seja
ngamantu tungang putra, purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo, purah
calik dina lampit, purah tunggu imah gede kituna teh bari nyepeng tutungkusan.
Gunung
luhurna tanpa tutugan kujangkungna, sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawi
raos kabingah pribumimah langkung tikitu.
Giliran
anu ka sumpingan, enggal tamu bagiakeun turut tumut nyumponan ajaran babasan
pangeran. Kanu di pancen tugas atas nami pribumi sumangga di haturanan.
Catatan:
-rengse
panampian panganten di candak.
-cacandakanana
di sanggakeun (biasa secara simbolik)
Komentar
akad tikah
Melati
linggarna ati cempaka na dada kembang agustus maridang nataratug tutunggulan
cinta jeng cita rek di amproken, akang ...... nyai…… mun kamari kungsi aya
carita antara dua waruga antara akang jeng nyai, wayahna katunda heula
saheulana, samemeh masing2 boga tihang geusan boga pamuntangan, basa jalan
simpangan ges ngabulungbung ,engkang mah mengkol ka kenca nyaimah ka katuhu, dupi
udagan tundana dada. Akang …. Nyai…. Ki wari jalan teh tepang dei di hiji, sumangga
gera angkat
sasarengan mapay jalan anu ngembat taya simpangan.
Niti
wanci nu mustari, ninggang mangsa anu waluya, tresna janji nu tos pasini subaya
nutos midua dina waktu nu tos panuju cangred geget nu tos leget nyalingkuh di
lupuk manik kalbu, tansyah jiyad pidu'a tisadaya di tunggu-tunggu di para guru
pangheman tipar ikhwan katut pang wuwuh ti para sepuh kana kawening galih
kasetraan nana bapa ibu saderek sadayana timpah hatur nuhun ti anggalna.
Hadirin
kadang mitra sadaya
Ku
urang sami kasaksen yen ti sepuh tidua pihakannana sami-sami ikrar manah rumojong kana kahoyong
para putrana manjing kana pari paos !
'''batu
turun kesik naek, kalapa tonggohen nana. itu purun ieu daek saruwa
bogohennana''.
Hadirin
anu sami hadir pepek syarat katut rukun nyakitu panganten sakalih, kantun akad
anu teu acan, atuh mangga ka bapak patugas ti KUA miwah amilna ngagarap
hancengannana
Komentar
sawer
Hadirin
Rohimakumulloh.
Ku
endah itu gunung ngarunggunuk ngalak paul katuruban mega bodas lir putri ker kulem
saratus taun.
Duh
waas itu lautan mayakpak lir tanpa batas pasing surungkuy ombak lir ngajanjiken
sarebu kaendahan asa naon teing mun ngalakonan, Meren bagja karasana nanging ie
buktina mah ayena akad tikah ges laksana carita lajang jeng bujang ayena mah
angges dengen kari mangkat beber layar mangka teger cekel kemudi, nanging
sateacan kebatna lumaku bilih gunung rumpil jalana, bisi laut gede ombakna
ibu/bapak miwah guru maksad mekelan tur ngawur piwuruh dasar mikamelang kahidep
duaan. sumangga kapangersa syaekhuna di haturanan.
Komentar
du'a
Runtuyan
saur piwuruk ranggeyan patwa piwejang ngagalindeng matak nineng, ker obor
dimana poek ker itek dimana leueur, batur ludeng waktu keueng batur bungah
mangsa susah, paragi yaliksik diri ngarampa jeng awak.
Hatur
sewu nuhun laksana ketikabingahan kapangersa mugia ageng manpaatna.
Amin
yaa robal alamin
Giliran
anu panungtung acara urang lekasan gera
panteng mapat du'a munajat kanu kawasa minangka jajap panganter gesan mapag
kabagjaan dunya rawuh akheratna, khususna kanggo panganten sakalih umumna urang
sadayana.
Kanggo
yeseupuhan ieu du'a dihaturanan sareng hormat ka pangersa ….. sumangga di
haturanan.
Komentar
panutup
Tutug
rampung tuntas paragat acara dipapas pungkas kalayan teu aya halangan harungan
naon-naon sumangga urang rumpak sasarengan maosken hamdalah.
Kalajengan
pribados atas nami anu mancen tugas iye acara tangtos seer tutus langkung
kepang halangan, bobo sapanon carang sapakan saur nu tekaukur ucap nu teu ka unggang
pondok nyogok nyugak saur pari paos teu aya anu di teda litang ageng cukup
lumur neda jembar pangampura ti sadaya.
Kalayan
di tutup ku du'a robbanaa aatinaa piddunya hasanah wafil akhiroti hasanah
wakinaa a'daabanar.
Wassalam
12-04-2004 AL-HUDA
Tidak ada komentar:
Posting Komentar